Selasa, 09 Februari 2010

" TEPANG SONO 2 "



Assalamu'alaikum Warahmatullaahi Wabarakaatuh...

Menindak lanjuti kesepakatan bersama pada "Tepang Sono 1" dan beberapa usulan dari rekan rekan alumni SMP N 25 Angkatan 88, bersama ini di informasikan kepada seluruh rekan alumni baik yang sudah join di FB maupun yang belum, bahwasanya kita akan mengadakan pertemuan lanjutan yang bertema "Tepang Sono 2" yang Insya Alloh akan dilaksanakan pada :

Hari : Minggu
Tanggal : 7 Maret 2010
Waktu : 12.00 - 14.00 Wib
Tempat : Baso PANGHEGAR
Jl. Holis No. Bandung

Mengingat pentingnya acara tersebut diatas sebagai langkah lanjutan dari rencana kita untuk membentuk wadah / Ikatan Alumni yang mana nantinya akan menggelar acara Reuni angkatan 88, maka kami berharap rekan rekan sekalian bisa meluangkan waktunya untuk bisa hadir tepat pada waktunya.

untuk informasi dan konfirmasi silahkan menghubungi : 1. Sdri. Ratna Sari Tlp. 022-91403367 2. Sdri. Tina Purnama Tlp. 0878866027129

Demikian informasi yang bisa kami sampaikan, dengan harapan semoga Reuni Angkatan 88 bisa terlaksana dengan baik.

Wassalamu'alaikum Warahamatullaahi Wabarakaatuh...

Admin Group Alumni SMP N 25 Angkatan 88

Kamis, 03 September 2009

Harun Yahya

http://ebook-harunyahya.blogspot.com

Sabtu, 20 September 2008

Lalakon Hirup Baheula

Aya hiji kagegelan dina manah simkuring anu dugi ka danget ieu masih keneh jelas ka gambar tur moal tiasa leungit dugi ka iraha bae oge.
Kagegelan simkuring teh teu aya sanes nyaeta, masih keneh aya sambetan simkuring kasababaraha jalmi malihan ageung deuih, anu tangtosna eta kagegelan teh teu katiley pangaosna, kusabab... naon rupi anu katampi ku simkuring dina waktos harita sakedikna ngabantun parobihan kana diri simkuring, tug dugi simkuring tiasa dugi ka kahirupan anu ayeuna.

Dina hiji waktos nalika simkuring calik di kelas 2 STM, kantos simkuring ngaraos lesu tur teu sumanget neraskeun sakola. Anu jadi cukang lantaran na mah memang ti diri simkuring keneh anu waktos harita rada bengal tur bedegong (Tapi duka ketang ayeuna mah, naha simkuring teh tos bageur kituh? Wallaahu alam...), mun di emut ayeuna mah asa teu pira, namung dina waktos harita mah tangtosna ageung pisan eta kalepatan teh, jaman harita simkuring anu buraong wawanianan macok artos spp dugi ka dua sasih na, anu satadi mah rek rada nyalse pedah sok aya bisnis aalitan di Almamater (SMPN25), naha bisnis ngadamelan kartu Lebaran atanapi geulang nami tina benang nylon, atuh tempo tempo sok aya job ti pembina osis SMPN25 kanggo ngadamel spanduk atanapi bendera porseni.
Tempo na tenggang waktos kanggo mayar spp simkuring pas nuju teu nyepengan sa peser peser acan, mun dicarios keun kanu janten sepuh asa kacida raheutna manah sepuh teh, da anu ka emut ku simkuring waktos harita ge, sepuh teh anu sakitu mereket keun nana pikeun nyakolakeun murangkalih teh, antug na aya rasa teu tega sa upamina simkuring balaka ka sepuh mah, nya simkuring milari alesan nyuhunkeun liren weh sakola teh ka sepuh, ku kitu oge sepuh teh tos katinggal raheut manah na, tapi sanaos raheut sepuh mah tetep nyaah weh nya ka murangkalih teh, malih saur sepuh teh "teras keun weh sakola mah, keun masalah biaya mah teu kedah ngiring ngemutan, lebar ieuh...kantun sa taun deui, ma enya rek teu di rengsekeun". Cariosan ti sepuh harita mangkin ngagerihan hate simkuring, rek balaka nu sa enya na teu wasa, rek nuluykeun sakola timana deuih ngagentosan spp anu tos ka anggo tea.

Kabiasaan simkuring anu sok ngariung di bumina Kang Ade (Blacks) janten hiji pangbuka kana lampah simkuring salajengna. Ning leres anu tos biasa ngariung mah janten apal karakterna masing masing, janten pami aya sikap anu robih teh tos tiasa ka aos, sapertos Kang Ade Blacks harita anu langsung apal kana parobihan sikap simkuring, nya anjeuna tumaros ka simkuring:
" Naha kunaon Wood maneh ngalamun wae ti tadi, jiga anu keur nyuhun beban anu beurat kacida".
" Ach teu kunanaon Black" kuring nutupan.
" Cing atuh balaka, aya naon sugan weh aya anu bisa dibantu ku urang, minimal ari maneh daek sharing mah bisa sa eutik ngaringankeun beban pikiran maneh" timpas Kang Ade.

Sanaos bari sareng abot tur heureut ku basa, nya akhirna mah simkuring ge balaka,
" Kieu Blacks...jiga urang rek enggeusan sakola teh".
Kang Ade ngarenjag.
" Na kunaon?" taros Kang Ade
" Duit SPP kapake euy 2 bulan, rek ngomong ka kolot teu tega, tada teuing kuciwana" waler simkuring.

Heureut sababaraha menit mah Kang Ade cicing, bangun anu ngiring ngemutan kumaha carana sangkan anak buahna tiasa leupas tina ieu masalah. Teu lami anjeuna cumarios deui.
" Atuh kieu weh Wood, mending ngomong weh ka Pa Yanto, susuganan weh Pa Yanto bisa ngabantu, da maneh oge disakola sok aya gawena" saur Kang Ade.
" Ach..ulah Black, era euy..maenya urang geus kaluar ti SMP masih keneh kudu ngariweuhkeun Pa Yanto, teu sanggup deuih urang mah ngomong na ge" waler simkuring.
" Nya keun weh ke urang nu ngomong na, maneh mah tuluykeun weh heula sakola mah, lebar Wood tinggal sataun deui" timpas Kang Ade.

Dinten isukna sabada simkuring uih sakola, pun biang ngawartosan reh tadi aya murangkalih sakola SMPN25 milari simkuring, saurna simkuring dipiwarang sumping ka SMPN25 diantosan ku Pa Yanto.
Sabadana sholat lohor simkuring ngabujengan ka sakola mendakan Pa Yanto dikantorna.

" Assalamu'alaikum Pa, Bapa nyauran abdi? naon anu tiasa dibantos ku abdi pa?"
" Wa'alaikumsalam, sok diuk Wood, sakola teu tadi?" timpas Pa Yanto.
" Sakola pa" waler simkuring.
" Lain, beja na rek eureun sakola? naha bener? na kunaon nepi ka kitu?" timpas Pa Yanto.
Simkuring reuwas naha pa Yanto bet apal kana masalah simkuring, sama sakali simkuring teu emut tos nyarios ka Kang Ade wengi kamari.
" Naha apal tisaha pa?" taros simkuring
" Ach..aya weh nu bebeja, cing caritakeun na kunaon bet nepi ka kitu? pundut Pa Yanto
Nya antugna sanaos disarengan ku rasa anu kalintang abot sareng heureut ku basa simkuring balaka ka Pa Yanto ngeunaan naon rupi masalah anu nuju karandapan.

" Sabaraha bulan can mayar SPPna, sabaraha? saur Pa Yanto
" Dua sasih pa, totalna 14.000 rupiah" waler simkuring
" Tah bayarkeun" saur Pa Yanto bari ngasongkeun artos 14.000 rupiah
" Aduh pa wios weh atuh, abdi isin tos ngarerepot ka bapa, sarengna upami ku abdi di tampi kumaha abdi ngawangsulkeun nana ka bapa?" waler simkuring bari tagiwur teu paruguh.
" Keun bae sok weh pake, tong mikiran kudu kumaha mulangkeun nana, nu penting mah saya hayang maneh bisa lulus sakolana" waler Pa Yanto.

Ti saprak harita, na diri simkuring timbul rasa simpati anu kalintang ageungna ka Pa Yanto, ieu anu leres leres disebut guru teh, di gugu tur di tiru, keuna pisan kana slogan Tut Wuri Handayani teh, bela na, ka nyaah na Pa Yanto ka simkuring nimbulkeun rasa sadar kana diri simkuring pikeun teu ngalakonan laku lampah anu katukang, anu matak nimbulkeun ka pusing kana diri pribadi.

Sagala naon rupi anu karandapan ku simkuring waktos harita, dugi ka danget ayeuna janten hikmah anu kalintang ageung mangpaatna, simkuring janten tiasa ngahargaan kana sagala rupi laku lampah anu tangtos kedah tanggel waler tur engke na naon rupi laku lampah eta uih deui kana diri masing masing.

Dina kasempetan ieu simkuring seja ngahaturkeun hatur rebu nuhun ka:
1. Bapa Sugianto Wiryadi kapungkur mah mantena Pembina Osis SMP Negeri 25 Bandung, pami teu lepat mah ayeuna mantena ngajabat Wakil Kepala Sekolah sareng Kurikulum Diknas kota Bandung.
" Hatur nuhun bapa, kana naon rupi bantosan ti bapa, upami teu aya bantosan bapa harita duka kumaha sakola sareng masa depan abdi ayeuna, tangtos na pami waragat mah Insya Alloh abdi tiasa ngawangsulkeun nana, mung jasa ti bapa kedah kumaha abdi ngawangsuljeun nana? Mugiya Alloh SWT maparinan balesan anu langkung ageung, sareng mugiya Alloh SWT maparinan kaberkahan rejeki, kasehatan, kasalametan ka Bapa sakulawargi, amin Ya Alloh Ya Rabbal'alamiin..."

2. Kang Ade Black, hatur nuhun pisan kana sagala rupi kanyaah, kadeudeuh salira salami ieu, tangtos na Woody moal tiasa males kana naon rupi kasaean tisalira, wios Alloh SWT weh anu malesna, atuh mugiya salira sing di sehatkeun, sing dilapangkeun rejekina, sing janten langkung sukses kapayuna, sing salamet tur salamina aya dina panangtayungan Alloh SWT..amin Ya Rabbal'alamiin...

" Harepan simkuring mugiya carita ieu sing aya mangpaatna khususna ka diri simkuring pribadi, umumna kanu ngaos ieu carita, mugiya urang sarerea tiasa nyandak hikmah tina carita pangalaman simkuring ieu."

Jumat, 19 September 2008

BLACK's CS Community

Assalamu'alaikum...Wr Wb

Black's Community nyaeta wadah virtual kanggo ngaraketkeun tali silaturahmi papada anggota mantan Club Basket BLACK's CS anu tos lami langki ngariung.
Kajurung kurasa sono ka barudak BLACK's CS, anu mangkin dieu mangkin awis tepang antawis nu hiji sareng nu sanesna, kujalaran masing-masing individuna tos pada pada ngagaduhan kasibukan masing-masing.
Tah margina ti eta, mugiya ieu wadah virtual teh sing janten hiji wadah anu tiasa ngaraketkeun deui tali silaturahmi di antara urang sadayana...amin Ya Alloh Ya Robbal'almiin...

Wassalamu'alaikum Wr Wb


Black's CS Community

Where Are You...

Sahabat...
Masih kah engkau ingat akan kenangan masa lalu kita...
Masa lalu dimana kita selalu asyik dan ceria dengan segala macam kepolosan kita, yang kadang tak kenal dengan acara, tempat dan waktu?

Sahabat...
Masih ingatkah kalian dengan bundarnya Bola Basket ?
Masih ingatkah kalian dengan segala sesuatu yang berkaitan dengan bola basket...
Jika kalian ingat, tentunya kalian akan ingat pula dengan dengan satu nama dalamnya...
Nama yang dekat dihati kita dan kadang menjadi tauladan disalah satu bagian sisi baiknya...
Nama yang sudah kita anggap sebagai bapak, kakak dan sahabat...

Sahabat....
Masih ingatkah kalian akan kehangatan rumah kecil tempat biasa kita berkumpul di setiap akhir pekan kita?
Masih ingatkah kalian dengan cerita-cerita konyol dari bapak, kakak dan sahabat kita ini ?
Masih ingatkah kalian tat kala kita latihan dan pentas musik bersama ?

BLACKS...
Ya...nama itu BLACKS, beliau lah inspirasi dalam pembuatan community ini.

Sahabat...
Rindu kita akan semua yang telah lalu...
Rindu kita akan semua senda gurau, canda tawa bersama...
Rindu kita akan lengketnya keringat kita di lapangan Basket...
Rindu kita akan semua kekonyolan kita di studio musik

Jika sahabat masih ingat akan semua itu...mari kita berkumpul disini untuk saling berbagi pengalaman dan sharing akan cerita cerita masa lalu, semoga apa yang kami upayakan ini bisa bermanfaat untuk semuanya, minimal antara mantan anggota club bisa tetap terjaga tali silaturahmi nya...amin Ya Rabbal'alamiin...

NB:
Kahatur ka Kang Ade (BLACKS)...kapan kita bisa ngumpul lagi seperti dahulu, terima kasih atas segala kebaikan mu, mohon maaf atas segala kesalah dimasa lalu, masa lalu tak akan pernah kita lupakan, karena masa lalu adalah cermin dimana disana ada banyak kealfaan dan kekurangan kita, serta masa lalu adalah bagian dari masa kita kini dan masa kita yang akan datang...

Sok atuh yang sanesnya pada kemana yah...Where Are You All...dont' you missed its all of our memories...teu hilap ngahaturanan ka baraya sadaya diantawisna : Kang Dadan Tongliems, Kang Hendri Atep, Kang Adhock, Kang Tony About, Kang Sonny Gelung, Kang Ade Latuk, Kang Empu Mahmud, Kang Agus Sinyo, Kang Danny Fals, Kang Dadan Ua, Kang Wewey, Kang Husen, Kang Hendra Uto, Kang Turgani, Kang Kustia, Teh Coeys, Teh Dwi, Teh Ratna Ali, Teh Sri Ratna, Teh Erika, Teh Imas, Teh Ida, Teh Emma, Teh Sri Entoet, Teh Yani, Teh Yanti, Kang Herman, Kang Hadi Beruk, Kang Hasan, Kang Wandy, Kang Sena, Kang Sony, Kang Agus, Kang Cecep, Kang Dayat, Kang Sae, Kang Ipin, Kang Didin, Kang Aris dan lain-lain nya, yang tidak bisa disebutin hiji-hiji, jalaran geus kolot mah loba nu kapopohokeun...